2 Samuel 11
Dina musim semi, geus biasa raja-raja sok maraju perang. Dina musim semi taun eta Daud nimbalan ka Yoab jeung para perwirana sina mawa balad merangan urang Amon. Urang Amon kadeseh mundur ka kota Raba, tuluy eta kota ku Yoab ditingker. Daud mah linggih-linggih di karaton Yerusalem.
Dina hiji poe wanci asar, gugah leleson Daud unggah ka loteng karaton. Sabot angkat-angkatan di loteng bet ningali awewe keur mandi geulis pisan.
Manahna panasaran hoyong uninga eta awewe teh saha, seug miwarang nyerepkeun. Eta awewe teh Batseba binti Eliam, bojona Uria urang Het.
Ku Daud dipiwarang disaur. Sanggeus dideuheuskeun ku Daud dicandak ebog. (Harita Batseba teh kakara beresih tas kereseban.) Sanggeus diebogan dipiwarang balik.
Lila ti lila Batseba ngandeg, tuluy ngirim warta ka Daud.
Daud ngintun surat ka Yoab, eusina, "Uria urang Het sina ngadeuheus ka kami." Uria dijurungkeun ku Yoab.
Sanggeus ngadeuheus, Uria ku Daud dipariksa saurna kumaha Yoab jeung balad salamet, jeung kumaha bejana perang teh.
Geus kitu timbalanana ka Uria, "Jig geura balik, reureuh di imah." Uria amit mundur. Ku Daud disusul ku kikintunan ka imahna.
Tapi Uria teh henteu terus ka imahna, anggur mondok di lawang gapura karaton ngahiji jeung para pangawal raja.
Kauninga ku Daud yen Uria henteu balik ka imahna, seug disaur dipariksa, "Ku naon teu terus ka imah, sakitu geus lilana ditinggalkeun perang?"
Wangsul Uria, "Rayat Israil sareng Yuda keur tarebih di medan perang, sareng Peti Perjangjian aya di ditu. Bapa Yoab panglima abdi kitu deui para perwira, nuju ngemah di nu ngabuliklak. Pisakumahaeun awonna saupami abdi wangsul ka rorompok raos-raos dahar leueut sareng mondokan pun bojo! Demi sagala nu suci, abdi sumpah moal milampah ka kitu!"
Saur Daud, "Geus, poe ieu teruskeun reureuh di dieu, isukan isuk-isuk ku kami diidinan indit." Jadi poe eta jeung poe isukna Uria di Yerusalem keneh.
Peutingna ku Daud diondang dahar, disuguh inuman sina mabok. Tapi peuting eta ge henteu balik, mondokna di garduh karaton disasarap ku simbut.
Isukna Daud ngadamel surat keur ka Yoab, dititipkeunana ka Uria.
Eusina, "Uria teundeun panghareupna di nu pangragotna, tuluy tinggalkeun mundur sina kasambut."
Sanggeus Yoab nilik-nilik medan perang, Uria ku anjeunna diteundeun di tempat anu geus kataksir yen lebah dinya musuh pangkuatna.
Burudul pasukan musuh murudul ti jero kota, narajang ka pasukan Yoab. Para perwira Daud loba anu kasambut. Uria oge kasambut.
Ti dinya Yoab ngirim laporan perang ka Daud,
sarta kieu amanatna ka nu diutus, "Engke sanggeus raja nampi laporan kieu,
bisa jadi nyeuseul, meureun saurna, ‘Naha atuh nyampeuk-nyampeuk teuing ka kota! Na teu kajudi bakal dihujanan jamparing ti luhur kuta?
Na teu inget kumaha kasambutna Abimelek bin Gidion eukeur di Tebes bareto? Kapan tiwasna teh ditinggang ku batu panggilingan ku hiji awewe, ti luhur kuta. Ku naon nyampeuk-nyampeuk teuing kana kuta?’ Lamun raja mariksa kitu, jawab kieu, ‘Uria oge, perwira Gusti, kasambut’."
Bral utusan indit. Unjukanana ka Daud sakumaha papatah Yoab.
Piunjukna, "Musuh langkung kiat, murudul ti lebet kota, narajang ka luar. Saena kaundurkeun deui ka lawang kota.
Nanging nu di luhur kuta ngahujanan ku jamparing. Perwira-perwira seueur anu kasambut. Uria oge kasambut."
Saur Daud, "Tegerkeun hate Yoab jeung omongkeun ulah leutik hate, kituh. Jamak dina perang mah, teu bisa ditangtukeun saha nu bakal kasambut. Atur deui balad sing leuwih kuat. Eta kota tarajang deui, sing beunang!"
Ngarungu salakina kasambut Batseba ngalakonan kala sungkawa.
Sanggeus tutas kala sungkawana, ku Daud dicandak ka karaton, tuluy dipigarwa. Brol babar, orokna lalaki. Tapi eta kalakuan Daud teh ngajaheutan manah PANGERAN.